Bahasa lain

Pertanyaan

Hartina dicekel deleg

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
    Kelas : IX (3 SMP)
    Pembahasan :

    Dicekel deleg hartina nyaeta dijadikeun patokan atawa pola dasar pikiran nu geus ditetepkeun samemehna. Dina basa Sunda kecap dicekel deleg kaasup kana kecap basa Sunda anu kasar. Lemesna kecap dicekel nyaeta dicepeng, sedengkeun lemesna kecap deleg nyaeta tetep deleg, tapi istilah dicekel deleg henteu bisa dilemeskeun jadi "dicepeng deleg".

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina ragam basa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.

    Kusabab kecap dicekel deleg teh mangrupa hiji istilah, saperti anu aya dina pakeman basa, kecap dicekel deleg bisa digunakeun boh dina kalimah kasar boh dina kalimah lemes, tampa kudu ngarobah kecapna jadi kasar atawa lemes.

Pertanyaan Lainnya