Conto kalimat denotatif jeng konotatif leutik?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kalimah denotatif nyaeta kalimah anu kecap kecapna miboga harti saujratna atawa harti anu sarua jeung dina kamus. Sedengkeun kalimah konotatif nyaeta kalimah anu kecap kecapna miboga harti injeuman atawa harti kiasan. Kalimah atawa kekecapan anu sok miboga harti konotatif nyaeta saperti babasan atawa paribasa.
Pembahasan
Babasan atawa paribasa teh kaasup kana pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu mboga susunan nu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Conto pakeman basa lianna, salian ti babasan jeung paribasa, nyaeta saperti cacandran, kila kila jeung pamali. Tapi, henteu sakabeh kalimah kalimah konotatif mangrupa pakeman basa.
Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta conto kalimah denoatif jeung konotatif tina kecap leutik:
- Baheula mah balanja ka toko kulakan atawa toko grosir teh teu meunang mamawa budak leutik sabab sabenerna mah matak pibahayaeun (kecap leutik dina ieu kalimah mangrupa kecap nu miboga harti denotatif).
- Anjeun ayeuna teh geus kacida beungharna, tah kukituna peupeujeuh kudu inget ka anu leutik (kecap leutik dina ieu kalimah mangrupa kecap nu miboga harti denotatif).
Pelajari lebih lanjut
- Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
- Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
- Bedana paribasa jeung babasan https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3