Jieun surat pribadi anu temana Ngajak ulin ka kebun binatang Bandung
B. Daerah
Ji1aTaraseti
Pertanyaan
Jieun surat pribadi anu temana "Ngajak ulin ka kebun binatang Bandung "
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina basa Sunda, sacara umum, aya dua ragam atawa tingkatan basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasana digunakeun pikeun nyarita jeung saluhureun atawa jeung anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung babaturan anu geus akrab.
Ku kituna, dina nyieun surat pribadi, kudu ditempo keur saha eta surat teh ditujukeunana. Umpama eta surat ditujukeun ka babaturan anu geus akrab atawa loma, bisa digunakeun Ragam Basa Loma. Tapi sabalikna, umpama eta surat henteu ditujukeun ka babaturan anu can loma, bisa digunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes. Di handap ieu conto surat pribadi pikeun babaturan anu geus loma anu temana "Ngajak Ulin Ka Kebon Binatang Bandung" :
Garut, 28 April 2017
Assalamualaikum wr. wb.
Budi kumaha anjeun di Bandung cageur?. Alhamdulillah kuring jeung kulawarga di Garut sarehat.
Kieu Bud, kuring aya rencana poe Minggu ieu rek ulin jeung babaturan sakola ka Kebon Binatang Bandung. Kuring jeung babaturan sakola oge hayang panggih jeung anjeun, sono ceunah geus lila teu panggih jeung anjeun ti sabot anjeun pindah sakola ka Bandung.
Kabeneran pan imah anjeun mah di daerah Cisitu, jadi deukeut pisan ka Kebon Binatang mah. Lamun anjeun bisa ka Kebon Binatang, ku kuring jeung babaturan ditunggu di Kebon Binatang kira-kira jam 10an poe Minggu ieu. Sanggeus ulin ti Kebon Binatang engke urang dalahar di kantin masjid Salman, mun teu salah mah poe Minggu oge buka kantin Salman mah nya?.
Sakitu wae surat ti kuring, mudah-mudahan urang bisa panggih di Kebon Binatang Bandung dina poe Minggu ieu.
Wassalamualaikum wr wb.
Amir