naon basa lemes na bapak sareng ketiak
B. Daerah
maelanirisma
Pertanyaan
naon basa lemes na bapak sareng ketiak
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Basa lemes nyaeta salah sahiji ragam basa nu aya dina basa Sunda. Aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Aturan ngeunaan ragam basa dina basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda, anu baheula mah disebut Undak usuk Basa Sunda.
Pembahasan
Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta jawaban salengkepna:
- Basa lemesna bapak nyaeta pun bapa jeung tuang rama. Pun bapa nyaeta basa lemes keur ka sorangan. Sedengkeun tuang rama nyaeta basa lemes pikeun ka batur. Dina ragam basa loma, bapak nyaeta bapa atawa bapa kuring.
- Basa lemesna ketiak nyaeta dehe atawa ingkab. Dina ragam basa loma, ketiak nyaeta kelek.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Basa lemes