B. Daerah

Pertanyaan

tulis pola guru lagu jeung guru wilangan pupuh asmarandana

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SD)

    Pembahasan :


    Pupuh asmarandana nyaeta salahsahiji rupa pupuh tina 17 rupa pupuh nu aya. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh asmarandana nyaeta 8i, 8a, 8e/o, 8a, 7a, 8u, 8a. Sedengkeun watek atawa karakter nu aya dina pupuh asmarandana nyaeta ngagambarkeun rasa kasmaran, kadeudeuh, kaasih atawa kanyaah. Naon anu dimaksud pupuh asmarandana, guru wilangan jeung guru lagu teh?.


    Pupuh nyaeta patokan atawa aturan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Conto puisi Sunda anu ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta kelompok Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh.


    Salahsahiji rupa pupuh nyaeta pupuh asmarandana. Pupuh asmarandana kaasup kana pupuh nu aya dina Sekar Ageung. Pupuh asmarandana jeung pupuh nu aya dina Sekar Ageung, nyaeta pupuh kinanti, sinom jeung dangdanggula, sok disebut atawa disingkat pupuh KSAD (kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula). Aturan nu aaya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu.


    Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Saperti pola 8i hartina guru wilangan atawa jumlah engang dina eta padalisan nyaeta "8", guru lagu nyaeta sora engang tungtung dina eta padalisan nyaeta "i".


    Dina nepikeunnana pupuh biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun sawatara rupa tembang. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngan sarupa tembang.


    Kata Kunci : Pupuh asmarandana

Pertanyaan Lainnya